Sabtu, 15 Oktober 2011

LIRIK Sakur Ngimpi – mang Darso

saprak anjeun ngaleos
Ngabeubeutkeun duriat
hirup asa nunggelis hate mararingis
Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajet cinta urang
Pikiran baluweng pinuh ku emutan
Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo rasa ngilu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyesa
Teuing kamana….
Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum

Reff:
Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri
Kahayang mah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngahelas kaleungitan
Ngorejat seseblakan
Lieuk euweuh lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan
Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun
Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum
back to Reff

Tidak ada komentar:

Posting Komentar